Saur Abullaits 8 ciri jalmi anu sieun ku Alloh :
١. أن تبين فى لسانه فيمنع لسانه من الكذب والغيبة وكلام الفضول ويجعل لسانه مشغولا بذكر الله وتلاوة القرأن ومذاكرة العلم
Jelas dina lisanna ,lisanna nolak tina ngabohong, ngomongkeun batur, kaleuwihan dina ngomong, lisanna disibukkeun ku dzikir ka Alloh,maca qur'an jeung ngapalkeun elmu.
٢. أن يخاف فى أمر بطنه فلا يدخل بطنه الا حلالا قليلا ويأكل من الحلال مقدار حاجته
Sieun ( ku Alloh ) dina urusan beuteungna , manehna tara ngasupkeun kana beuteungna,kecuali anu halal tur saeutik, anjeunna ngadahar nu halal saukuran jeung kabutuhannana.
٣. أن يخاف فى أمر بصره فلا ينظر إلى الحرام ولا إلى الدنيا بعين الرغبة وإنما يكون نظره على وجه العبرة
Sieun ( ku Alloh ) dina urusan panempona , anjeunna tara nempo nu haram oge tara nempo kadunyaan ku tetempoan anu rakus, ngan wungkul nempona teh kanu ngandung pelajaran
٤. أن يخاف فى أمر يده فلا يمد يده إلى الحرام و إنما يمد إلى ما فيه الطاعة
Sieun (ku Alloh ) dina urusan leungeunna, Manehna tara ngulurkeun leungeunna kanu haram, estuning ngulurkeunnana teh dina kataatan
٥. أن يخاف فى أمر قدميه فلا يمشى فى معصية الله تعالى إنما يمشى فى طاعة الله
Sieun ( ku Alloh ) dina urusan dua dampal sukuna ,Anjeunna tara leumpang dina ma'shiyat ka Alloh ,estuning leumpangna teh dina thaat ka Mantenna.
٦. أن يخاف فى أمر قلبه فيخرج منه العداوة والبغضاء وحسد الاخوان ،ويدخل فيه النصيحة،وشفقة المسلمين
Sieun ( ku Alloh ) dina urusan hatena ,kaluar tina hatena sifat permusuhan,kakeuheul,jeung hasud ka dulur, asup kana eta hate nasehat oge rasa deudeuh ka kaum muslimin
٧.أن يكون خائفا فى أمر طاعته فيجعل طاعته خالصة لوجه الله تعالى ويخاف الريا والنفاق
Sieun ku Alloh dina urusan katha'atannana, manehna ngajadikeun katha'atannana ikhlas karena Alloh Ta'ala, manehna sieun hayang katangar jeung munafek
٨. أن يخاف فى أمر سمعه فلا يسمع الا الحق
Sieun ku Alloh dina urusan pangdengena , manehna tara ngadengekeun kecuali anu bener
كتاب : درة الناصحين فى الوعظ والارشاد تأليف عثمان بن حسن بن أحمد الشاكر الخويوي
Kitab : Durrotun Nashihin fil Wa'di wal Irsyadi susunan Utsman bin Hasan bin Ahmad Syakir Alkhuwaiwi
Terimakasih anda telah membaca artikel tentang Dalapan Ciri Jalmi Nu sieun Ka Allah SWT. Jika ingin menduplikasi artikel ini diharapkan anda untuk mencantumkan link http://sella08.blogspot.com/2015/09/dalapan-ciri-jalmi-nu-sieun-ka-allah-swt.html. Terimakasih atas perhatiannya.